http://img833.imageshack.us/i/cepot111111copy.gif/

Senin, 07 Februari 2011

bobodoran versi ayeuna

RUMAH TANGGA
Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran
keur pasea jeung pamajikanana.

Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati. Tong daek  eleh   ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring….”
Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku
sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani
pasea jeung aing!

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More