http://img833.imageshack.us/i/cepot111111copy.gif/

Senin, 07 Februari 2011

SP3

Tukang Kai
Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna
keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si
Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit
teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu
pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari
mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui
dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu
ieu kampak anjeun teh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang
kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya
disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes
pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa
ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun
ceurik?"
Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman
walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun
teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta pamajikan abdi teh!"
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :
"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah
paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum
deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi,
Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi.
Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi
miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab
leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"

2 komentar:

sae sae kang htr nuhun.. matak seuri tapi aya nilai atikanana oge... manawi kersa sumping ka blog sim kuring.
kamaludinks.blogspot.com

Hahahah bisa wae lah si akang
nuhun hiburana

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More